NGALAMAR KA ISTRI


Pikeun lalaki anu rèk ngalamar ka salah sahiji wanoja di sunatkeun pikeun ningali heula ka wanoja calon piistrieunnana. Kitu deui sabalikna pikeun hiji wanoja supaya nyaho heula ka calon picarogèeunnana.

Sabda Rosul:

إذَا خَطَبَ أَحَدُكُمْ الْمَرْأَةَ، فَإِنْ اسْتَطَاعَ أَنْ يَنْظُرَ مِنْهَا إلَى مَا يَدْعُوهُ إلَى نِكَاحِهَا فَلْيَفْعَلْ

‘’Lamun aya salah saurang diantara maranèh ngalamar salah sahiji wanoja mangka mun bisa mah manèhna ningali heula ka manèhna naon anu jadi geusan pangirat pikeun ditikahna, prak jalankeun’’. [Ti Jabir r.a, buku kumpulan hadis H.R Ahmad sareng Abu Daud kalayan rawi-rawina bisa dipercaya sarta disahkeun ku Hakim]

Dina katerangan sejen ogè dijelaskeun; Nalika Nabi tumaros ka salah saurang pameget anu bade nikah ka hiji istri :

اَنَظَرْتَ اِلَيْهَا ؟ قَالَ : لَا. قَالَ : اِذْهَبْ فَانْظُرْاِلَيْهَا

‘’Naha geus kungsi manèh ningali calon istri manèh ? Manèhna ngajawab ; ‘teu acan’. Nabi sasauran: Jig indit kalayan tingali heula manèhna!’’.

Aya ogè katerangan, ningali calon istri bisa disuluran kunu sejen. Nabi kantos miwarang Ummu Sulaeman supados ka salah sawios istri; saurna:

اُنْظُرِئ اِلَئ عُرْ قُوْ بِهَاوَشَمِّئ مَعَاطِفَهَا. وَفِئ رِوَايَةٍ: شَمِّئ عَوَارِضَهَا

‘‘Pek perhatikeun urat-uratna kalayan ambung bau kadua kelekna’. [jika anggangan]. Malah nurutkeun riwayat sejena mah : Ambungan bau bahamna!’’

Haram hukunna pikeun lalaki ngalamar ka awèwè anu geus narima lamaran ti lalaki sèjèn. Kulantaran kitu leuwih hadè kalayan sunat hukumna pikeun awèwè anu geus narima lamaran ngumumkeun ka balarea yèn manèhna geus aya nu ngalamar. Cara ngumumkeun bisa ku mangrupa-rupa jalan.

Ti Ibnu Umar. Rosul sasauran :

لَايَخْطُبُ اَحَدُكُمْ عَلىٰ خِطْبَةِ اَخِيْهِ حَتّٰى يَتْرُ كَ ا لْخَا طِبُ قَبْلَهُ اَوْ ياذَنَ لَهُ

‘‘Teu meunang ngalamar saurang ogè diantara maranèh kabeh ka awèwè anu geus dilamar ku dulurna, kajabakeun lamun nu ngalamar mimiti geus ninggalkeun samemeh datang lamaran anu kadua atawa lamun nu ngalamar mimiti [anu kahiji] geus ngidinan [mulangkeun carek]’’. [HR Bukhari ; muslim]

Ti Abi Hurairoh ra. Rosul sasauran :

تُنْكَحُ الْمَرْأَةُ لأَرْبَعٍ: لِمَـالِهَا وَلِحَسَبِهَا وَلِجَمَالِهَا وَلِدِيْنِهَا، فَاظْفَرْ بِذَاتِ الدِّيْنِ تَرِبَتْ يَدَاكَ
‘‘Hiji awèwè ditikah lantaran opat sabab : lantaran hartana, pangkatna, kageulisannana, jeung agamana; Kulantaran kitu manèh leuwih hadè milih lantaran agamana waè, manèh pasti bakal bahagia.’’  [HR Bukhori;Muslim]

  • PARÈNTAH ANTARA AWÈWÈ JEUNG LALAKI, ANTARA BANGSA JEUNG BANGSA, ANTARA GOLONGAN JEUNGAN SUPAYA SILIH PIKAWANOH.

Firman Allah SWT :

يَٰٓأَيُّهَا ٱلنَّاسُ إِنَّا خَلَقْنَٰكُم مِّن ذَكَرٍۢ وَأُنثَىٰ وَجَعَلْنَٰكُمْ شُعُوبًۭا وَقَبَآئِلَ لِتَعَارَفُوٓا۟ ۚ إِنَّ أَكْرَمَكُمْ عِندَ ٱللَّهِ أَتْقَىٰكُمْ ۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٌۭ

13. Yeuh manusa! Saèstuna Kami ngajadikeun maranèh ti hiji lalaki jeung hiji awèwè, jeung Kami geus ngajadikeun maranèh adi sababaraha bangsa jeung sababaraha golongan supaya maranèh silih pikawanoh. Saèstuna jalma anu pangmulya-mulyana mungguhing Allah mah nya anu pang takwana ti antara maranèh; saèstuna Allah tèh Maha Uninga, Maha Tingali’’. [Al-Hujarat (kamar-kamar) surat ka 49 ayat 13 juz XXVI di tarjamahan sunda hal 744. Tafsir M Yunus hal 466. Tafsir A Hasan hal. 1017.]

Leave a comment